Malati
From Wikipedia, the free encyclopedia
Malati mangrupa tutuwuhan nu dijadikeun pepelakan kembang hias nu tangkalna ajeg sarta hirup taunan. Di Indonésia, salah sahiji wanda malati dijadikeun perlambang Indonésia, nyaéta malati bodas (Jasminum sambac) alatan kembangna dikaitkeun jeung sagala rupa talari sélér-sélér bangsa di nagara urang. Wanda séjén anu ogé populér nyaéta gambir (J. officinale). Di Indonésia ngaran malati dipikawanoh ku balaréa di sakumna wewengkon Indonésia. Ngaran-ngaran wewengkon pikeun melati nyaéta Menuh (Bali), Meulu cut atawa Meulu China (Acéh), Menyuru (Banda), Melur (Gayo sarta Batak Karo), Manduru (Menado), Mundu (Bima sarta Sumbawa) jeung Manyora (Timor), ogé Malete (Madura).
Malati | |
---|---|
Kembang malati bodas. | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Lamiales |
Kulawarga: | Oleaceae |
Génus: | Jasminum L., 1753 |
Spésiés | |
Kira 200 spésiés, di antaranya |
Di Italia, malati casablanca (Jasminum officinalle), anu disebut Spanish Jasmine dipelak taun 1692 pikeun dijadikeun parfum. Taun 1665 di Inggris dibudidayakan malati bodas (J. sambac) anu diwanohkeun ku Duke Casimo de Medici. Dina taun 1919 ditimukeun malati J. parkeri di wewengkon India Kulon Laut, satuluyna dibudidayakan di Inggris dina taun 1923.