Planet yaksa
From Wikipedia, the free encyclopedia
Planet yaksa nyaéta planét anu ukuranna jauh leuwih gedé tibatan Marcapada. Planét-planét ieu ilaharna kajieun tina zat anu mibanda titik golak handap (gas atawa és) lain mah zat padet. Namung, planét yaksa padet ogé bisa aya. Aya opat planét yaksa di Surya Mandala: Jupiter, Saturnus, Uranus, jeung Néptunus. Loba planét luar surya yaksa anu geus dipikawanoh ngorbit béntang séjén.