Raramat wewengkon lokal tanpakabel
From Wikipedia, the free encyclopedia
Raramat wewengkon lokal tanpakabel (Basa Inggris: wireless local area network, wireless LAN atawa WLAN) nyaéta hiji raramat anu ngahubungkeun pakakas-pakakas ku cara distribusi tanpa kabel (umumna spéktrum sumebar (spread spectrum) atawa OFDM) tur ilaharna nyadiakeun hiji hubungan ngaliwatan hiji titik aksés ka internét nu leuwih lega. Ku cara ieu, nu maraké raramat boga mobilitas pikeun pundah-pindah dina sajeroeun wewengkon nu kawengkuna tur bisa kénéh kahubungkeun kana raramat.
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Kiwari standar téknologi 802.11b (anu biasa disebut Wi-fi) mindeng digunakeun pikeun ngawangun LAN. Tempat-tempat anu nyadiakeun sambungan LAN kalayan téknologi Wi-fi biasa disebut hotspot. Wireless LAN geus kasohor keur dipaké di imah alatan gmpangna instalasi tur ku beuki nambahna popularitas komputer laptop. Bisnis publik kawas kafé jeung mall geus mimiti nawarkeun aksés tanpa kabel ka palanggana, nu kadang-kadang gratis.