Inséktisida
From Wikipedia, the free encyclopedia
Inséktisida nyaéta péstisida nu pikeun ngabasmi serangga (insékta), kaasup ovisida (pikeun endogna) jeung larvisida (pikeun larvana). Ieu péstisida dipaké pikeun kaperluan tatanén, kedokteran, industri, jeung rumah tangga. Ngaronjatna hasil tatanén salila abad ka-20 dianggap minangka hasil tina dipakéna inséktisida[1]. Kiwari, kahariwang mimiti mucunghul ku sabab péstisida bisa ngaganggu ékosistem, malah bisa ngaracunan sasatoan jeung manusa anu lain targétna.