Lebahan wétan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lebahan wétan[1][2] mangrupa sebutan geografis pikeun bagian marcapada anu ngampar di lebah wétaneun méridian utama (anu ngaaliwatan Greenwich, Britania Raya) sarta kuloneun longitud 180°.[3] Ogé sok dipaké dina hal géografi pikeun nojo ka Éropa, Asia, Afrika, jeung Australia, sedengkeun lebahan kulon mah pikeun Buana Amérika. Lian ti kitu, ogé ilahar dipaké dina hal budaya atawa géopulitik minangka sinonim pikeun 'Dunya Heubeul'. Kurang leuwih 85% populasi dunya téh dumuk di lebahan wétan.[rujukan?]