Dina komputasi, réproduksi sora, jeung vidéo, hiji cakram optik nyaéta hiji cakram nu rata tur buleud (biasana polikarbonat) tempat nyimpen data dina legok (pit) (atawa tonjolan (bump)) dina beungeut ratana (flat surface) — nu ngaruntuy (sequential) ngawangun tapak (track) nu tuluy tinuluy (kontinyu) tur wangunna spiral nu ngagedéan ti tapak pangjerona (innermost track) tepi ka tapak pangluarna (outermost track), tepikeun ka nutupan sakabéh beungeut cakram. Data diaksés dina jero cakram nalika hiji bahan husus (seseringna mah aluminium) disorot ku dioda laser. Legok-legokna ngaganggu ampulna (refleksi) cahaya laser, nu ku sabab eta, lolobana cakram optik (kajaba cakram hideung dina konsol kaulinan vidéo(video game console)PlayStation asli), sacara husus boga panémbong (appearance) nu mangrupa-rupa kelir (iridescent) nu dijieun ku alur (groove) tina lapisan nu ngampulkeun (reflective layer).
“Média optik” dialihkeun ka dieu. Pikeun média transmisi keur cahaya, tempo Médium (optika).