Rugbi union
From Wikipedia, the free encyclopedia
Rugbi union, mindeng disebut rugbi wungkul, nyaéta hiji olahraga tim kontak pinuh nu lahir di Inggris di awal abad ka-19.[2] salah sahiji dua kode ti maén bal rugbi, nyaéta dina lumpat sareng bal dicandak ku tangan. Olahraga ieu dimaénkeun kalawan hiji bal nu bentukna oval, di lapangan nu panjangna nepi ka 100 m jeung lébarna nepi ka 70 m kalawan pos gawang nu bentukna kawas hurup "H" dina masing-masing garis gawang.
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Victor Matfield ti Afrika Kidul ngalaksanakeun lineout kana Selandia Anyar dina 2006. | |
Babon organisasi | International Rugby Board |
---|---|
Ngaran lian | Rugger, Rugby[1] |
Kahiji diulinkeun | Awal abad ka-19 (wangun awal) 1845 (hukum tinulis awal) |
Pamaén | 5.062.396 |
Tim kadaptar | 18.920 |
Data lengkep | |
Olahraga kontak fisik | Kontak pinuh |
Jumlah pamaén | 15 |
Lalaki/awéwé | Kompetisi kapisah |
Kategori | Olahraga tim, luar rohangan |
Alat | Bal rugbi |
Ditandingkeun di Olimpiade | 1900; dihupus ti program 1928; Rugbi Tujuh dibalikkeun 2016 |
William Webb Ellis mindeng dipercaya kalawan pamanggihan lumpat sareng nyandak bal ku tangan dina 1823 di Sakola Rugby basa anjeunna diduga nyanggap bal nalika keur maén bal jeung lumpat ka gawang lawan. Tapi, bukti carita éta diragukeun. Dina 1845, hukum maén bal kahiji ditulis ku murid-murid Sakola Rugby; kajadian signifikan lianna dina pamekaran awal rugbi contona kaputusan Klub Blackheath ninggalkeun The Football Association dina 1863 sarta misahna rugbi union jeung rugbi liga dina 1895. Dina 1995 Badan Rugbi Internasional (International Rugby Board, IRB) ngahupus larangan dina bayaran ka pamaén, nyieun maénna sacara kabuka profésional dina tingkat nu pangluhurna pikeun kahijina.
IRB geus jadi badan pangurus pikeun rugbi union ti pawangunanna dina 1886. Sumebarna rugbi union tumuwuh ti Bangsa Asal (Home Nations), Britania Raya jeung Irlandia, sarta diserep ku raloba nagara nu kaasosiasi jeung Kakaisaran Britania. Éksponén awal ti olahraga ieu contona Australia, Selandia Anyar, jeung Afrika Kidul. Nagara-nagara nu geus ngadopsi rugbi union salaku olahraga nasionalna sacara de facto misalna Fiji, Géorgia, Selandia Anyar, Samoa, Tonga, jeung Wales. Rugbi union dimaénkeun di leuwih ti 100 nagara di 6 buana jeung dina Nopémber 2010, 118 union mangrupa anggota IRB.
Piala Dunya Rugbi, kahiji lumangsung dina 1987, dilaksanakeun saban opat warsih, kalawan nu meunangna narima Piala Webb Ellis. Kajuaraan Genep Bangsa (Six Nations Championship) di Éropa jeung Kajuaraan Rugby (The Rugby Championship) di Hémisfér Kidul (nu ngaganti Tri Nations) mangrupa kompetisi internasional utami anu dilaksanakeun warsihan. Kompetisi doméstik utama contona Top 14 di Perancis, English Premiership di Inggris, Currie Cup di Afrika Kidul, jeung ITM Cup di Selandia Anyar. Kompetisi antarbangsa nu lian contona Celtic League, aslina mimilukeun tim ti Irlandia, Skotlandia, jeung Wales sarta ayeuna ditambih ti Italia; Super Rugby (baheulana Super 12 jeung Super 14), mimilukeun tim ti Afrika Kidul, Australia, jeung Selandia Anyar; sarta Heineken Cup, mimilukeun sawatara tim ti Éropa.